Balakutak

Balakutak
Tilu balakutak dina Akuarium Georgia
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Filum: Mollusca
Kelas: Cephalopoda
Subkelas: Coleoidea
Superorder: Decapodiformes
Order: Sepiida
Zittel, 1895
Kulawarga

Sepiadariidae
Sepiidae

Balakutak téh sato laut ordo Sepiida anggota kelas Cephalopoda (nu ogé ngawengku cumi-cumi, gurita, jeung nautilus). Ku kituna, balakutak teu kaasup kana golongan lauk. Di antara ciri-cirina anu penting, nyaéta boga cangkang jero, panon gedé, dalapan leungeun, sarta dua téntakel nu reunceum ku panyoco.

Biologi

Balakutak boga struktur jero nu loba porina nu disebut cuttlebone, nu eusina kalsium karbonat, sangkan bisa ngambang. Ngambangna ieu diatur ku cara ngarobah babandingan cairan jeung gas nu aya di jerona. Unggal spésiés balakutak téh boga dedegan nu béda-béda, boh ukuran, kelir, atawa 'tulang'na. Tulangna ieu sok diparabkeun ka parkit atawa manuk kukutan lianna pikeun asupan kalsium.

Balakutak kadang disebut ogé londok laut, sabab pinter nyamur ngarobah kelir kulitna luyu jeung lingkunganana. Robahna kelir kulit ieu ogé dipaké salaku isarat pikeun balakutak lianna salaku iber ayana bahya. Kamonésan ieu téh dihasilkeun ku kromatofor sagolongan warna beureum, konéng, coklat, jeung hideung luhureun lapisan eunteung iridofor jeung leukofor, nu ngandung 200-an sél pigmén husus dina unggal samilliméter pasagi kulitna.

Panon balakutak téh kawilang pangmekarna dina karajaan sato mah. Panonna sarupa jeung panon manusa, ngan pupilna ngabentuk kurva "w". Najan teu bisa nénjo kelor, panonna bisa nampa polarisasi cahya nu penting pikeun ngaronjatkeun kontrasna. Dina rétinana aya dua titik sél sénsor (katelah fovea), nu gunana pikeun nempo leuwih ka hareup jeung ka tukang. Robahna fokus béda ti panon manusa nu ngatur lénsana, tapi ku jalan ngarobah panon sagemblengna.

Getih balakutak kelirna bulao semu héjo, ku sabab ayana protéin hémosianin nu ngandung tambaga, nu pancénna pikeun ngakut oksigén (sawanda jeung beusi dina hémoglobin dina getih manusa). Getihna dikompa ku tilu jantung nu misah; nu sapasang pikeun ngompa getih kana insang (masing-masing hiji), sedengkeun nu hiji deui pikeun ngompa getih ka sakujur awak lianna. Aliran getih balakutak leuwih gancang batan lolobana sato lianna, ku sabab kamampuh hémosianin pikeun ngabeungkeut oksigén leuwih leutik batan hémoglobin.

Balakutak boga mangsi kawas cumi-cumi jeung gurita. Baheula, mangsi ieu sok dipaké sakalu panyelup nu disebut sépia.

Kadaharan balakutak di antarana mangrupa moluska leutik, keuyeup, susuh, lauk, atawa balakutak lianna. Sedengkeun nu sok ngamangsa balakutak, nyaéta hiu, lauk, jeung balakutak lianna. Hirupna bisa nepi ka dua taun.

Other Languages
العربية: حبار
অসমীয়া: কাটলফিছ
беларуская: Каракаціцы
български: Сепии
brezhoneg: Morgad
català: Sèpia
Mìng-dĕ̤ng-ngṳ̄: Dĕ̤ng-kiĕ
Cebuano: Sepiida
čeština: Sépie (řád)
Deutsch: Sepien
Ελληνικά: Σουπιά
English: Cuttlefish
español: Sepiida
euskara: Txibia
فارسی: سپیداج
suomi: Seepiat
français: Sepiida
Gaeilge: Cudal
galego: Sepideos
עברית: דיונונים
हिन्दी: समुद्रफेनी
hrvatski: Sipe
magyar: Tintahalak
Bahasa Indonesia: Sotong
Ido: Sepio
italiano: Sepiida
日本語: コウイカ目
Basa Jawa: Sotong
қазақша: Тарбақ аяқ
한국어: 갑오징어목
lietuvių: Sepijos
മലയാളം: കണവ
Bahasa Melayu: Sotong Katak
Plattdüütsch: Echte Dintenfische
norsk: Sepiida
polski: Mątwy
português: Choco
русский: Каракатицы
Simple English: Cuttlefish
slovenčina: Sépie
slovenščina: Sipe
српски / srpski: Сипе
Kiswahili: Dome
українська: Каракатиця
Tiếng Việt: Bộ Mực nang
Winaray: Bagulan
中文: 墨鱼目
文言:
Bân-lâm-gú: Hoe-ki
粵語: 墨魚